title
rehe simpe dina rohangan nu tohaga
langit angkeub taya bentang nu baranang
niti wanci nu mustari
sataun katukang....
miceun duriat dinu hate mamah....
Tuesday, October 12, 2004
Sataun liwat deui
Dua taun liwat deui
Masih acan nedunan kahayang
Lima taun liwat deui,
Kuring tikusruk, tidungdung
Nedunan kahang nu jadi indung
Keclakna kabungah nu jadi indung
Leuwih gede artina dibanding langit jeung eusina.
Yogya, 28 Juni’04
..::dark::..8:03 AM
Saturday, October 09, 2004
Patutur ngajajap waraga nu lunge
Hiji-hiji lengkah beuki laun
Nepi kanu dituju………liang kubur!!!
Hiji-hiji amit seja paturay
Dunya ngan saukur tempat urang sementara
Wayahna urang paturay………
Isuk pageto urang kumpul deui
Dimangsa jeung alam nu beda.
Yogya, 16 Agustus’04
..::dark::..3:47 AM
Hiji mangsa urang bakal nyorang
Hiji mangsa urang bakal kabagean
Antrian hiji-hiji disebutan
Giliran urang disebut asup kaliang
Ngan dieusi diri nyorangan
Nyungkelik nganti malaekat ngajajap
Kecap hiji malaekat naros,………
Saha imam anjeun?
Nawon kiblat anjeun?
Nawon agama anjeun?
Jeung sajabana……
Karawang, 03 Agustus’04
..::dark::..3:46 AM
Hiji mangsa urang bakal nyorang
Hiji mangsa urang bakal kabagean
Antrian hiji-hiji disebutan
Giliran urang disebut asup kaliang
Ngan dieusi diri nyorangan
Nyungkelik nganti malaekat ngajajap
Kecap hiji malaekat naros,………
Saha imam anjeun?
Nawon kiblat anjeun?
Nawon agama anjeun?
Jeung sajabana……
Karawang, 03 Agustus’04
..::dark::..3:46 AM
Monday, August 23, 2004
Indung poe sareupna ahad ieu.......
indung poe sareupna ahad ieu....
patutur jeung kaluarna layung tikulon wetan kulon hese dibedakeunnana
indung poe sareupna ahad ieu
katingal nalangsa ngalalakon
nu biasa ngariksa siang jeung wengi teu kudu dipenta
indung poe eleh ku sora guntur nu ngaguruh
hate murungkut ngerut di pojokan
aya naon indung poe ahad ieu?!
eleh kitu ku sora guntur nu ngaguruh?
cape kitu ngalalakon??
kamana deui kudu neang gaganti indung poe???
..::dark::..3:08 AM
Thursday, July 01, 2004
lemek teu nyarek lir buek meunang mabuk
ngeluk tungkul, cipanon ngembeng
ras diri...kana hate nu nyeri
ceurik balilihan teu malikeun kaayaan nu dipikahayang
ceurik nyuuh sesegrukan, kanyenyerian
ceuk beja, kabogoh direbut batur!!!
padahal kamari kungsi jangji sahirup samati
padahal kamari ngan kuring kakasih ati
kamana ingkahna jangji-jangji nu kamari?
yogya, 28 juni'04
..::dark::..5:35 AM
girimis nunggelis
ceudeum poek mongkleng
guntur ngaguruh, nyorakeun hate nu rusuh
rurusuhannitenan duriat nu teu weleh liwat
girimis masehan satapak nu sering disorang
girimis hujan lir keclakna cipanon
cipanon ngartikeun kakeeung diri
langit masih angkeub...
girimis masih maseuhan...
hate masih ting paciweuh jeung kahayang diri
duriat nu teu kungsi liwat
panineungan jauh tina kongkolak panon
iraha duriat nganjang kana hate nu teu keeung?
yogya, 28 juni'04
..::dark::..5:05 AM
nitipkeun rusiah ka indung poe
manusa didunya ngan saukur ngalakonan skenario Allah
hiji datang mawa beja yen diri digelarkeun didunya
hiji undur amitan nilar dunya
undur datang ngalakonan kahirupan
malaekat ngabut nyawa nedunan kawajiban
kamana kudu nyumput, nyimpaykeun rada salambar?
kamana kudu lumpat, nyamarkeun diri tina takdir?
nyawa hiji dipikanyaah beak bersih
sieun paturay jeung raga, leupaskeun kaendahan dunya
yogya, 27 juni'04
..::dark::..4:43 AM
Sataun katukang
urang kungsi boga rasa nu teu kaharti ku hate
urang duaan ngartikeun hirup dina keclakna cipanon
urang nembongkeun kanyaah ngan ukur ku kiceupna panon poe
kanyaah urang nu pernah aya,
kahapus ku kahayang nu teu tangtu
sataun katukang....
urang pernah silih nulungan ngusap cipanon kasusah
teukarasa mangsa nyerelek...ninggalkeun urang
teu karasa,...sataun katukang
urang pernah silih mikaasih nu teu pernah kedal
teu karasa,...wengi iyeu keclakna cipanon
nyaksian hate nu ngarandapan kasono kana sataun katukang
basa anjeun masih marengan diri
sataun katukang....
masih natrat dina ati
ngalangkang dina kongkolak panon
galindeung anjeun basa harita
ngedalkeun kanyaah nu teu pernah aya
nentermkeun hate....nyaangkeun pikir
yogya, 2 maret
..::dark::..4:01 AM
Tuesday, June 08, 2004
dua dinten kapengker, anjeun nitip hate nu endah
dua dinten kapayun, anjeun amitan seja rek niti hirup
kanyaah nganter kahayang nu teu kaharti
gupay pangjajap ku cipanon ngembeng
cipanon jadi sagara dipapaes ku katumbiri
sagara nu dijieun ku urang duaan tina cipanon
isuk pageto urang calik paduduaan disisi sagara
silih tukeur carita kaayaan hirup
duka iraha, duka dimana
..::dark::..10:25 PM
miceun gambar diri tina katineung
kiwari nganukur wawaas
kamari urang kungsi nendeun carita
kamari urang kungsi nyieun rasa jadi duriat
kamari oge urang kungsi jangji nyieun rasa jadi nyata
..::dark::..10:20 PM
Saturday, June 05, 2004
Adzan Dimasigit
dangukeun adzan dimasigit dinten iyeu rada cekas
nandakeun urang kedah ngalakonan kawajiban
mamah....
dangukeun adzan dimasigit deui
nandakeun mangsa teh nyerelek nebihan urang
mamah....
tuh adzan deui dimasigit
hiji mangsa urang ge kedah paturay
mamah....
mun dimasigit adzan deui
nandakeun urang kudu ngumpul deui
nepungkeun rasa kasono, kalemah wadi
mamah....
terakhir urang ngadangukeun adzan
diliang nu poek ngan dieusi diri nyorangan
Yogya, 11 Feb'04
..::dark::..2:39 AM
Saturday, March 06, 2004
wilujeung enjing,..................
serengenge ngintip tikajauhan
rek ngamimitian poe nu endah!!!
poe iyeu serengenge imut ngagelenyu,
poe iyeu serengenge mere caang nu pangendahna!!
yogya, 7 maret'04 at.06.05
..::dark::..11:44 PM
it's all about me
Intan Meliawaty Suci
Karawang,07 March 1980
ID = onenk_aza
Yogyakarta - Indonesia
Pesan :
?ghoulishdesign
blogger